Tipe Guru Dumasar Kana Filosofi Tukang Nguseup
Tipe ka- 1 GURU NU NEGER
- Jeujeurna ku awi ( maranganani atawa regang )
- Eupanna cacing
- Kadang elukna oge cukup ku panitik tara ku useup
- Sanggeus useupna dieupanan langsung ditegerkeun Dicecebkeun kana taneuh di tempat nu dikira-kira Aya laukna
- Ngala lauk ku cara neger ampir sarua jeung ngala lauk Ngagunakeun bubu
- Ceb, cul bae ditinggalkeun, aya lauk nu nyangut syukur,Henteu wae kajeun
Tipe ka- 2 GURU NGUREK
- Ngurek nyaeta ngala belut ngagunakeun alat anu bentukna samodel useup
- Biasana tali urek dijieun tina senar atawa kenur nu kuat, malah dijieuna dirara dialus-alus
- Eupanna mah angger cacing sakapeung bancet ( anak bangkong hejo )
- Sanggeus urek dieupanan terus diasupkeun kana liang belut, malah ngasupkeuna oge digerekeun make perasaan, peler peureum beunta
- Jarang kajadian nu ngurek urekna dileupaskeun tapi umumna dicekel da bisi kabolosan disangut belut
- Giliran disangut meuni pabetot-betot, nu ngurek jeung belut patarik-tarik ngabetot
- Menunang belut badag atoh kacida, nu leutik ge tetep diarah, da pajar the nu gede pungkil dagingna, nu leutik sok garing digorengna.
- Mun kabeneran belut nu nyangut leupas deui atawa lesot, liang belut nepi ka dikukuy, malah mun perlu mah galeng batur ge ditugar sangkan belutna beunang.
Tipe ka-3 GURU NU NGUSEUP DI BALONG
- Jeujeurna alus, hargana oge ratusan rebu
- Alat-alat nu laina oge marahal, useupna Eupana diracik tina mangpirang-pirang bahan nu araneh nur
- Mahal hargana, keju, tuna, endog, mede, kakap, tangiri, esen, Malah nu nguseupna oge can tangtu pernah ngadahar bahan eupan eta disaluyukeun jeung ukuran lauk nu rek diala
- Persiapan rek nguseup di balong mah estuning sagala diayakeun, bebekelan dahareun, payung, topi, pakean, Wadah lauk, korsi
- Giliran der keur nguseup, pasti jeujeur jeung kukumbul terus-terusan diponcongok da sieun kapalingan disangut lauk. Hujan jeung panas belaan dipayungan
- Mun kabeneran disangut meuni eak-eakan surk, komo lamun meunang Lauk nudipikahayang boh jenisna, ukuran gedena atawa warnana
Ari Urang ayeuna ka asup tipe guru nu mana ?