Selasa, 19 Oktober 2010

Renungan Guru

Tipe Guru Dumasar Kana Filosofi Tukang Nguseup




Tipe ka- 1 GURU NU NEGER
  1. Jeujeurna ku awi ( maranganani atawa regang )
  2. Eupanna cacing
  3. Kadang elukna oge cukup ku panitik tara ku useup
  4. Sanggeus useupna dieupanan langsung ditegerkeun Dicecebkeun kana taneuh di tempat nu dikira-kira Aya laukna
  5. Ngala lauk ku cara neger ampir sarua jeung ngala lauk Ngagunakeun bubu
  6. Ceb, cul bae ditinggalkeun, aya lauk nu nyangut syukur,Henteu wae kajeun

Tipe ka- 2 GURU NGUREK
  1. Ngurek nyaeta ngala belut ngagunakeun alat anu bentukna samodel useup
  2. Biasana tali urek dijieun tina senar atawa kenur nu kuat, malah dijieuna dirara dialus-alus
  3. Eupanna mah angger cacing sakapeung bancet ( anak bangkong hejo )
  4. Sanggeus urek dieupanan terus diasupkeun kana liang belut, malah ngasupkeuna oge digerekeun make perasaan, peler peureum beunta
  5. Jarang kajadian nu ngurek urekna dileupaskeun tapi umumna dicekel da bisi kabolosan disangut belut
  6. Giliran disangut meuni pabetot-betot, nu ngurek jeung belut patarik-tarik ngabetot
  7. Menunang belut badag atoh kacida, nu leutik ge tetep diarah, da pajar the nu gede pungkil dagingna, nu leutik sok garing digorengna.
  8. Mun kabeneran belut nu nyangut leupas deui atawa lesot, liang belut nepi ka dikukuy, malah mun perlu mah galeng batur ge ditugar sangkan belutna beunang.

Tipe ka-3 GURU NU NGUSEUP DI BALONG
  1. Jeujeurna alus, hargana oge ratusan rebu
  2. Alat-alat nu laina oge marahal, useupna Eupana diracik tina mangpirang-pirang bahan nu araneh nur
  3. Mahal hargana, keju, tuna, endog, mede, kakap, tangiri, esen, Malah nu nguseupna oge can tangtu pernah ngadahar bahan eupan eta disaluyukeun jeung ukuran lauk nu rek diala
  4. Persiapan rek nguseup di balong mah estuning sagala diayakeun, bebekelan dahareun, payung, topi, pakean, Wadah lauk, korsi
  5. Giliran der keur nguseup, pasti jeujeur jeung kukumbul terus-terusan diponcongok da sieun kapalingan disangut lauk. Hujan jeung panas belaan dipayungan
  6. Mun kabeneran disangut meuni eak-eakan surk, komo lamun meunang Lauk nudipikahayang boh jenisna, ukuran gedena atawa warnana

Ari Urang ayeuna ka asup tipe guru nu mana ?


1 komentar: